Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Albeum

Minggu, 29 Desember 2013

BRÉH, Manéhna nyéréngéh. "Enya kitu, suka bungahna téh? Atawa, boa keur nyeungseurikeun?" Weléh, euweuh nu waléh. Kabéh pireu. Ukur guntreng jeung Maranéhna deui, naha jeung saha atuh? "Tos! Tos! Nu atos mah atos. Cuang tinggal nu sanésna, geura!"
Bréh deui. "Tapi, naha nya? Nu ieu gé sami, nyéréngéh. Malih tuh! Nu sanésna ogé garumujeng." Panasaran. Ti lambaran ka lambaran, dipapay, diungkab hiji-hiji. Taya nu kaliwat. Anéh! Kabéh seuri, siga nu baragja. Atawa mémang pédah aya cahaya? Tuluy taki-taki, api-api, da nyaho bakal loba nu nempo. Éra. "Ké! Ké! Na dimana ari kanyeri, lara jeung sajabana?" Kitu sotéh duméh éta lambaran pamungkas. "Dina kotrét!" Ceuk Manéhna, ngaringkeb manéh.*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya