Siluét Peuting
LILIS. Mapay-mapay trotoar peuting. Jumarigjeug. Panonna rut-rét antara langit jeung léngkahna sorangan. Reg eureun lebah nu medem. Rérémana nyegat harepan. Hieng-hieng bati sérabna. Taya nu maliré. Terus simpé. Nyérangkeun bulan ngelab-ngelab dina cileuncang. Lir sapasi panineungan. Imut Ema nu geus taya di kieuna. Cekés! Sabatang deui. Humandeuar marileupas jeung haseupna. Nyisieuh kalangkang jurig nu ngageugeuh dada. Teu ieuh musna. Tingbeletékna kaca. Imah nu ngagugudag jadi naraka. "Nyingkah! Indung anak sarua jadahna!" Mangpuluh malaikat sarwa bodas tinggorowok. Ningker buruan. Sataun katukang.
Truk-trékna selop beuki narikan. Sadaning mangsa. Jajarum nu teu reureuh nunutur usum. Ti raheut ka raheut ngajeujeut lalangsé nasib.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


