Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Isukan

Selasa, 31 Desember 2013

GAP, kana “The Tomorrow People” karangan Martin Raymond. 12 bab, 530 kaca panjangna. Miang ti poé ayeuna. Nyawang manusa poé isukan. Panonna lumpat nuturken kecap. Uteukna muter nyurahan kalimat. Ngamanahan saban paragraf. Deg, ngarandeg lebah kaca 160. “Manusa kiwari lapar ku waktu. Saban usik kakurangan detik,” pokna nyaritakeun nu bieu dibaca. Anjog ka kaca 167. “Jagat poé ayeuna lir CCTV. Natrat saban réngkak. Eusi pikir jeung haté nembrak. Jadi catetan mangsa. Hiji gé taya nu buni. Nu buligir téh didonlod sasukana. Data nu kacida hargaanana. Kari milih tatapakan waé. Rék cicing atawa tanding? Nangtukeun poé isukan,” pokna deui. “Teraskeun ngahanca Johns Hopkins, Lis!”*  

El Hijar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya