Only Love+
RAP kana jékét kulit Sukarégang, sup kacamata hideung, rét kana spion belengéh imut,"Hmmm lumayan!"
Mio distarter, hélm SNI, sarung tangan, teu tinggaleun nyelapkeun handfréé kana ceuli, rék macét rék réang klakson masa bodo, pokona full musik. Clak tumpak, geuleuyeung motor maju. Sakur panggih jeung nu wawuh teu weléh seuri bari unggeuk, saha nu nyangka hirupna susah. Ka sasaha galéhgéh, béréhan tur akuan.
Mungguhing jalma taya nu sampurna, teu ku hanteu asa jauh pisan rék meunang jodo. Geus sababaraha kali papacangan ngan pegat jeung pegat waé. Indung bapana geus bur-ber tatanya kaditu-kadieu, ari jinisna mah haré-haré.
"Kalem wé atuh ma, dunia belum kiamat." Pokna basa indungna ngomongan.
Waktu nyérélék, umur geus nincak 38 taun, mimiti ngarasa keueung. Hasil gawé jadi imah, pon kitu deui pangeusina geus pepek.
Ayeuna mimiti loba ngalamun, balik gawé mah geus tara sumpang-simpang ka imah babaturan, komo mun ngadéngé sora budak mah. Hirup asa nungelis, teu guna digawé, euweuh tempat keur ngabagi rasa.
Hiji poé jalan-jalan nyorangan saperti biasa, mio diparkirkeun hareupeun warung steak langgananna. Sabot ngeureut tenderloin karesepna, hawar-hawar aya lagu The Changcuters:
Semua aku ada
Semua aku punya
Satu yang tak ada
Satu yang tak punya
Only love...
Hanyalah cinta
Reg, manéhna eureun ngeureut daging. Nu geus dicapék karasa meleg. Regot kana fruit punch, “Aéh rasana asa cimata.”*
Cucu Unisah - kisuta.com


