Éta Rohangan Legana Saalam Dunya
MANGJUTA rumaja asup ka hiji rohangan anu gandéng ku sora tatabeuhan. Panasaran kuring milu ngantri, hayang asup ka éta rohangan. Matak reuwas barang asup, rohangan anu ti luar katempo leutik, horéng di jerona lega naker. Aya laut, gunung, sawah, panonpoé jeung sarupaning pabrik. Jalma-jalma nu aya di dinya tingréngkénék ngigelan sora tatalu; aya ogé anu ngadon kawin jeung ngurebkeun mayit. Di juru aya lalaki maké dasi keur ceurik, anjing-anjingan. “Kunaon nangis?” kuring nanya. “Sedih, anjiiing…!” jawabna. “Sedih kunaon?” nanya deui. “Kaleungitan…,” ceunah. “Kaicalan naon salira téh?” Nanya deui. “Harga diri, anjing!” jawabna bari ngabangingik. Teuing geus sabaraha lila di rohangan téh, jalma-jalma anu cik kénéh ngora ayeuna geus haruisan, kaasup kuring. Lalaki tadi angger kénéh ceurik. “Naha nangis kénéh waé?” Ceuk kuring. “Anjing…, sedihna can leungit!” Pokna. Waktu nyérélék, sakabéh jalma jadi rorongkong. Lalaki anu di juru ayeuna mah seuri babarakatakan. “Kunaon seuri?” kuring panasaran. “Bakat ku sedih, anjing…!” Manéhna ngagorowok bari seuseurian.*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


