Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tambak Baya

Jumat, 3 Januari 2014

HAWA masih karasa tiis. Matapoé karék némbongan. Nyaangan lalaunan kana sésa-sésa girimis nu sapeupeuting ngepris. Sapanjang jalan, nu manteng ukur caritaan nu jadi indung, "Gancang geura indit. Téangan ayeuna kénéh!" ngaliwatan mangpirang lembur. Tatanya di unggal parapatan. Nepi ka anjog ka Ranca Salak. "Kang...dupi lembur Tambak Baya, palih mana?" nu ditanya nyampeurkeun. Bari ngaléng kana taktak kénca, manéhna nyarita, "Tuh...palih luhur, jalanna mah nguriling heula wé ka kalér."
Dirérét. Dina puncer gunung, aya kubah masjid pulas bodas. Aya nu ngaburicak, nyacas.
Dipapay. Jalan batu. Nanjak kacida. Nepi ka puncakna. Nu kateuteup ukur talaga. Aya rakit, dua.
"Badé meuntas, Kasep?" Sora aki-aki. Dirérét. Kuring unggeuk. "Mangga atuh. Naék rakit nu alitna." Ngangkleung. Jol ka peuntas. Siga basisir. Aya kikisik nu ngeplak bodas. Aya gapura. "Lebet wé teras...," ceuk si aki. Léngkah dibawa ngaliwatan gapura. Aya masjid. Dina térasna, aya wanoja ditiung kayas. Tina panonna aya nu ngaburicak. Nyacas.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya