Sastra & Humor
Fikmin
Dogér Monyét
Minggu, 5 Januari 2014
TABUH dua belas. Keur mentrang-mentring. Lampu di parapatan beureum. Motor jeung mobil areureun. Dogér monyét ngamimitian. Nang néng! Nang néng! Si Emang nakolan kolénang. Biur, monyét numpak motor bulak-balik. Ditarik talina, jug indit ka pasar bari mawa adeg.
Kadéngé hawar-hawar adan Lohor ti masjid.
Ditarik deui talina ku Si Emang, si monyét dititah salat Lohor. Sujud dina sajadah. Geus salat, terus si monyét perang—mawa bedil. Duit lang-lung ti nu numpak motor jeung mobil.
Lampu héjo hurung. Dogér monyét eureun.
Kitu jeung kitu tepi rék reup magrib. Monyét geus salat Lohor jeung Asar ditambah salat sunat. Si Emangna mah teu katingali salat. Sibuk ngitung duit sawéran.*
Dudung Ridwan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


