Nu Rék Ngalegaan Sawah
BRAY! Amprok deui jeung manéhna.
“Nung! Naha can yakin ageman urang téh ageman nu pang hadéna?”
“Pami perlu sarébu persén Kang!”
“Bisi baé Akang mah, pédah kaum akang diwenangkeun boga kotakan séjén.”
“Jiiih Kang! Numawi abdi caket sareng Akang gé manawi baé badé ngersakeun ngajait abdi. Kaputusan aya di salira.”
“Ah sok nyungkun!”
“Tah saupami gaduh raraosan kitu, tiasa abdi gaduh pamundut?”
“Naon?”
“Sanajan abdi can hatam ngaji ieu bab. Mugia Akang kersa ngaleukeunan neuleumanana, sasarengan. Émang Akang badé ngersakeun saénggalna?”
Serangan balik. Ngabetem. Laju gumerentes, “Aing geus rimbitan samalah geus buntutan. Kurang naon deui? Tapi mun teu jujur bogoh ka manéhna tandaning kuring munapék. Ku kituna katresna ka manéhna, cukup disidem baé jeroeun dada. Cadu wakca. Jadi pependeman dimana simpé ngaraksuk haté.”
“Yééh! Kalah ngahuleng?” manéhna mungkas paguneman.
Bruk! Kitab ditutupkeun. Disimpen dina rak gigireun kamer. Di rajang reuay, karérét si bungsu keur ngempéng ka indungna. Nu ngarompol cur-cor.*
Mulyana SA - kisuta.com


