Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hujan Kayas Ngarérégan

Rabu, 8 Januari 2014

HAYANG teuing nuliskeun carita. Ngeunaan hiji lalaki nu hirupna gorowong salawangeun jandéla. Nganganti nu teu ieuh datang. Nyawang. Satukangeun gebrétna cihujan nu jadi rérégan. Aya lenyap sausap dada, basa sora mobil eureun sagigireun imahna. Laju kacipta ku manéhna:
Mahéra nu rerencepan mukakeun pager tukang. Rambut panjangna rancucut balas lumpat marat buruan. Ngulutrakkeun panto, laju ngeteyep ngadeukeutan. Mun kitu téh manéhna rék api-api teu apal, api-api reuwas mun éta wanoja dumadak nangkeup ti tukang, népakeun ribeg awakna, jeung sahéab saab kana lebah tonggongna.
Ah, boa teuing Magda. Rurusuhan mukakeun pager tukang. Rambutna tukung. Mun kahujanan téh matak lahak témbong taktakna. Moal keketeyepan Magda mah. Poksang. Paling gé nyorowok gegeroan. Hayang dipang-andukan-keun, hayang dipayang...
Leuh, balikta simpé geuningan. Sawatara lila sanggeus sora mobil nyemprung ngajauhan, taya kulutrak, angot léngkah nu ngadeukeutan. Suwung Mahéra boh kitu Magda. Anging kuring hareupeun jandéla. Dibaturan ku sora hujan jeung sakolébat panineungan: Anjeun.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya