Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Oedipus Complex

Kamis, 9 Januari 2014

"WASTANA Dayang Sumbi..." Oedipus ngaharéwos ka raja Laius. Raja unggut-unggutan. Bring rombongan raja miang ngajugjug béja. Lambak birahi raja ngagolak. "Nyai, kadatangan kuring rék ngalamar anjeun..." raja wakca. Pinuh komara. Dayang Sumbi ngeluk. "Siah! Sumbi beubeureuh uing!" kapiréng sora lalaki. "Saha anjeun?!" raja nanya. "Sangkuriang!" si lalaki némbalan. Panonna hurung. Raja ambek. Curukna méré isarat pati. Wadyabalad ningker si lalaki. Trung-trang pakarang. Cur-cor getih. Mayit pasoléngkrah. Sakilat, bedog geus némpél dina beuheung raja. Gérésél. Langit dayeuh ngauliat. Reueuk... Prang! gelas lésot tina leungeun Yokasta. Reuwas. "Kila-kila naon..." gerentesna. Pias. "Kila-kila cai dina gelas haté anjeun geus bahé..."Oedipus norojol. "Poé ieu, Laius geus miceun anjeun. Kuring nu ditakdirkeun minuhan haté anjeun mah!" ceuk Oedipus. Kurunyung anjing hideung. Ngagerem. "Éling Oedipus! Yokasta sabenerna indung manéh!" pokna. Panonna hurung. Oedipus ngagebeg. "Mustahil siah!" Ambek. Pedangna ngabelesat nojos beuteung anjing. Ngajoprak. "Tumang!" Yokasta ngajerit, ngagabrug anjingna nu sakarat. Hos...*

Badru Tamam Mifka - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya