Nu Ditéangan
PASOSORÉ Nyi Enok indit ka alun-alun, pedah budakna hayang tumpak korsél. Lebah parapatan pasarandog jeung wanoja sapantaranana. Rét kana beungeutna nu ngadaun seureuh. Nyi Enok ngahuleng, ningali deui kana tarangna, aya bohak katutupan saeutik ku buukna nu rambueuk jauh ka sisir. Barang Nyi Enok melong, éta wanoja ujug-ujug ngawih bari éngklak-éngklakan badis bebegig nu dioyag-oyag.
"Meuncit meri dina rakit, boboko wadah bakatul. Éta lain nyeri ku panyakit, kabogoh mah, kabogoh mah, Ceuceu..., direbut batur." Hing ceurik, dek deui ngawih, "Kuma suling, kuma suling, suling téh ngan silung waé. Alah iyeung...!"
Keur maceuh, reg aya mobil eureun, lalaki tengah tuwuh nu beuteungna bureuteu sagedé gentong ka luar ti jero mobil. "Yuli...! Hayu urang balik jeung Mamang!" Gep leungeun wanoja dicekel, dipaksa, diasupkeun kana mobil. Si wanoja terus gogorowokan. "Ajag...! Lésotkeun leungeun aing!"
Nyi Enok bati rumahuh bari nuntun budakna nu pupurungkutan.*
Eni Setiani - kisuta.com


