Rusiah Béntang
NENGGANG, nyorangan di langit peteng. Beueus, nalika nyambat hiji ngaran ku rasa asih dina saban geterna. Rasa nu di luar panyangka. Aya haté kadua leutik saprak manéhna remen neuteup kuring jeung bangbaluhna. Kemba, rasa asih moal nepi, kapegat ku kanyataan. Kuring teu siga bulan nu sok anteng gumeulis ngeunteung na ngeplakna sagara. Kuring ukur béntang nu sakapeung ilang katutup méga. "Lambak wengi ieu asa motah." Pokna. "Rupina moal tiasa diojayan, Nun... Sapertos manah." Haréwos kuring. "Muhun, sesah pami tos tikerelep mah. Duh, béntang, demi anjeun nu nenggang, nu satia maturan kuring unggal peuting, pangnepikeun kasono kuring ka manéhna." Sora halon manéhna nyeuit nembus rasa. Horéng teuteup imut jeung asihna lain keur kuring. Saupama bisa nawar ka Anjeunna, kuring embung diciptakeun jadi béntang nu ukur jadi panglumpatan bangbaluh rasa manéhna.*
Bunda Unie - kisuta.com


