Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Galur Bungur

Selasa, 14 Januari 2014

LEBAHING peteng, kapireng aya galindeng. Lalaunan kuring nyuaykeun lalangse, bet katembong aya cahaya leutik patingkaretip. Lengkah dipaksa laju ngadeukeutan buricakna cacaang nu nuturkeun unggal wirahma nu aya. "Mangga linggih, Jungjunan..cuang teuleum sasarengan na talaga bungur. Cuang ecagkeun manggunung guligah nu eunteup na lulurung kalbu.." aya nu nyoara gigireun kulambu nu ngagantung. Cahaya nu patingkaretip jadi mabra. "Enjing..wangkid srangenge meletek, salira bakal patepang sareng mangrewu katumbiri nu mapag unggal girimis tina nyeuitna kingkin nu salami ieu nunggelis."
Cahaya bungur amitan. Lebahing peteng, masih kapireng aya nu ngagalindeng.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya