Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Saban Hujan Miribisan

Kamis, 16 Januari 2014

NAON deui nu bisa dipercaya tina ingetan, Magda? Saban panineungan keketrok, ieu haté teu weléh ngangles. Lain. Lain kuring. Saurang deungeun ti jero dada baris ngulutrakkeun lawangna. Papelong-pelong sakedapan. Nyusud lulurung waktu nu boa saukur deja vu.
“Nepangkeun. Magda,” teu burung ngawawuhkeun dirina.
“Mahéra,” nu nyolongkrong jeung imutna.
Laju leungeun pataréma. Haneut paguneman nu remen ngucapkeun cinta. Kitu jeung kitu. Maranéhna. Ti mangsa ka mangsa teu pisan obah carita.
Naon deui nu bisa dipercaya tina ingetan, Magda? Ieu haté teu weléh ngangles. Hiji épisod nu baris nganteng dina pikiran. Saban hujan miribisan pakarangan. Tapi yakin lain kuring. Teu sabagja éta.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya