Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Fiksi Malem Minggu

Sabtu, 18 Januari 2014

BASA manéh mapay-mapay jalan. Peuting geus nepi ka tengah-tengahna. Tiiseun. Siga tiisna haté manéh nu kapaksa narima kecap-kecap nu nyeuit ti uing.
Euweuh alesan, Mmi. Da uing teu nginjeum panon. Teu nginjeum ceuli. Manéh keur nanangkeup gitar bari ceurik inghak-inghakan. Bari ngagalindengkeun lagu nu mindeng kadéngé basa urang mimiti panggih.
Lain, Mmi. Lain eta wungkul nu ngajadikeun uing tatu. Tapi kaos bodas nu ceuk manéh moal bisa digantian ku nanaon. Naha dipaké waé? Apan uing geus mangmeulikeun gantina. Kaos bodas nu leuwih mahal hargana.
Peuting tuluy ngalengkahkeun sukuna. Manéh eureun handapeun akasia. Tuluy neunggeulan éta tangkal ku dua leungeun nepika capéna. Uing bisa ngarasakeun, Mmi. Manéh nyanyi bari ngeclakkeun cimata.
Lagu nu kuduna jadi eusi haté uing.
"I'm sorry for blaming you for
everything I just couldn't do
And I've hurt myself."

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya