Maha Patih Sangkunirbaningrum
SALAKU Raja ti Kurawa, Duryudoyono geus maréntahkeun Batara Kresnamsamad pikeun nangkep palaku nu méngkolkeun béaya perang Bratayuda pikeun kabutuhan pribadi jeung golonganana. Nu dibéré wewenang kacida telik jeung tanginasna, mertélakeun bangsatna. Ukur sagilek, geus kapanggih, yén nu méngkolkeun anggaran Bratayuda téh Prabu Sangkunirbaningrum. Manéhna apatih nu pinter ora ketenger, bisa ora katara. Bangun satia ka Kurawa, buktina ngamalirkeun dana teu sakumaha mistina.
Dumugi mangsana nyerek bromocorah. Prajurit kabagi-bagi. Teu saeutik nu biluk, tur simpati ka Sangkuni, bubuhan maha patih. Ananging Kresna weruh sadurung winarah, lain batara samanéa. Néwak lain sacerek-cerekna. Baju oranyeu nu dipakékeun ka Sangunirbaningrum, geus dieusian ku aji pangematrasa bageur pangnuhunan.
Kabuktian pisan. Barang ditéwak. Lain sedih, ceurik, atawa barontak sakumaha nu séjén. Sangkunirbaningrum, kalah adab lanyap, nganuhunkeun kanu néwak jeung ka Maha Prabu Duryudoyono. Samalah méré hadiah sagala.
Kurawa geunjleung. Pangnuhun murudul ti ditu ti dieu. Hiji mangsa Kurawa bakal éléh ku Pandawa.*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com


