Kasono nu Katunda
TEU karasa ngarumah tangga téh geus salapanlas taun leuwih tujuh bulan. Genah nyandang genah nyanding. Hirup teu weléh dipiconto ku batur. Ngan édas, bet aya gogoda. Panceg ka duapuluh taun. Kuring panggih jeung sobat baheula, waktu keur ngalalana di Sukanégla. Manéhna nyaritakeun. Pernah ngobrol jeung kabogoh kuring nu baheula. Cenah ceuk kabogoh kuring téh, "Saumur hirup rék ngadagoan Jhon." Kuring jadi inget ka manéhna. Hayang geura ngarangkul bari ménta dihampura, rumasa geus wani-wani nunda carita jeung nunda cai katresna.
Kuring jeung sobat ngatur siasat, sangkan bisa nepungan manéhna. Sapuk wéh miang téh rék poé senén.
Isuk-isuk dina poé nu ditangtukeun. Kuring geus saged, baju keur salin geus dirangselan. Pas rék indit, muka heula dompét. Gebeg! Kartu krédit jeung kartu ATM euweuh dina tempatna, ngan aya kertas sacewir nu aya tulisan, "Kartu ATM jeung kartu kredit aya di aing!" sidik pisan tulisan pamajikan.*
Eni Setiani - kisuta.com


