Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kembang Sari

Selasa, 21 Januari 2014

IEU panon bet meureudeuy deui. Sanggeus dampal leungeun digisikkeun sababaraha kali. Sari? Ari éta saha?
Matak muriang. Nyérangkeun nu tingraringkang. Komo basa Sari mimiti niténan areuy Gadung nu meulit dina pamoéan. Nu daunna geus ampir garing kapanasan. Hayang pisan neuteup beungeut Sari. Tapi Sari ngadon babalieusan. Kalah wanoja gigireunana nu haat némbongkeun cureuleuk panonna. Museurkeun geter anyar nu cikénéh nyaliara jeroeun dada. Keun, Sari! Gadung geus lila nguyung. Moal mangkak deui kembangan. Da anjeun geus lila tara nyéboran. Uing mah sok haroréam apan. Kumaha? Rék dipulangkeun deui ka pajaratan? Atuh cumah wé baheula urang sakaparan-paran. Bélaan asruk-asrukan.
Édas. Curuk anjeun kalah rék antel deui kana ieu tarang. Geus pok deui-pok deui éta sora ngananaha. Iraha atuh anjeun rék méré hampura? Ayeuna? Moal jigana nya. Da anjeun mah laju ngaléos deui bari ngaléng éta wanoja. Duh, Sari. Najan kiwari buuk anjeun geus cepak, langgéor anjeun angger wé sok matak nyeblak.*

Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya