Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sapatu

Rabu, 22 Januari 2014

RÉT deui. Gap deui. Sapatu bal pulas beureum, keur Si Jalu. Weuteuh, anyar meuli. Lieuk, kana potrét nu naplok dina témbok. Aya nu imut surti. Ras. Moal marengan, da tas tibra salawasna. Kacipta bungahna Si Jalu, bari lajag-léjég hareupeun eunteung. Dikaos Messi. Payus. Kakangen beuki nyedek, hayang buru cunduk. Sapatu merenah dina dusna, dikantongan. Digantélkeun dina setang. Gur, motor dihurungkeun. Biur.
Sajajalan kapireng galindeng takbir sumérédét, awor jeung réangna motor nu rabeng badis siraru. Lebah tanjakan. Peuting tumorék. Motor ngahégak muru katonggohkeun. Ti tonggoh, témbong beus notog ka landeuhkeun. Nyuruwuk tarik pisan.
Isukna. Aya nu keur cinutrung sisi susukan. Paromanna cakueum. Panonna mencrong riak-riak cai. Bangun nu guligah. Lar nu ngangkleung. Dirérét, gebeg! Rancingas. Rikat nu ngangkleung dijeuwang. Gasik dibuka ku manéhna. Nyéh. Laju ngagorowok, "Enin...! Ieu geuning sapatu ti bapa téh...!"*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya