Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Linglung

Kamis, 23 Januari 2014

BEUTEUNG lapar jasa. Peujit murilit doang dipuntirkeun. Noong kana méja makan, asa kadeuleu dahareun ngareunah. Kumétap. Asa hayang bungbuahan. Jumarigjeug kana kulkas, kasampak metet ku anggur, jeruk, jeung léngkéng.
Pelengseng ti dapur kaambeu goréng bawang. Beuki nguruwuk.
Sosolontodan ka buri. Asa meuning nyiar Tomat atawa Mantang di sisi saung, cak pikir. Deudeuleuan ranyay, asa ngaliwatan kolam renang sagala. Apoték hidup dina pot areuweuh. Nu aya Adenium, Gelombang Cinta jeung samodélna. Hayang ngajorowok mamarahan kanu ngaganti. Gék di saung. Éh, naha lain palupuh? Kadoang marmer. Deudeuleuan teu bekas, ja dikuribeng témbok ruhul.
Cacing beuki jigrah na jero beuteung, béakeun sabar, diantepkeun.
“Papiiiiih… sarapan geus rédi yeuh!” aya nu nyalukan. Asa wawuh sawarana. Tapi naha ambu nyebut papih? Leus teuin, deuk manggil nanaeun ogénan, aing teu kuat lapar. Ngoloyong ka patengahan.
Bréh, éwé kadua anak geus ngarariung méja makan. Beuh… kadaharan téh enya bener aya, lain ngimpi.
Poho... horéng beunghar aing téh.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya