Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Katambias (2)

Jumat, 24 Januari 2014

LALAKI kuru. Awakna ragas. Mancuh luhureun batu basisir. Ngeupeul ranggeuyan handeueul. Dina handapeun rambisak purnama. Geus mangpirang-pirang taun lilana. Beungeutna haropak dihakan mangsa. Nganti jirim anu leungit. Ragamang, kana dadana anu beuki ngewag. Aya hinis nurih atina. “Antéh...!” gerendengna. Sorana gumeter. Awor jeung jumelegurna ombak. Lalaki kuru. Ranggah. Ngabagéakeun bulan.
Purnama carindakdak. Meungpeunan beungeut ku méga. Hiji mojang tumungkul alum. Dina kikisik. Taktakna endag. Inghakna lus-les kasaweur ku séah ombak nu beuki manting. “Hampura Akang...!” Si Jajaka dumareuda. Ngalungkeun paneutep ka tengah laut. Nyi Mojang ngejat teu ngusap birit. Ngagedig ninggalkeun jerit basisir. Lalaki kuru tibang gogodeg. Ciduhna karasa pait.
Basa angin sagara motah. Jajaka disasaak ombak. Lalaki kuru tibang ngalieus. “Harianeun teuing kadar, misahkeun anu keur asih. Kembang nganggo dihalangan, ditundung ku indung peuting....” Panonna nutur-nutur bulan nu beuki pias. Hawar-hawar aya sora gumalindeng. Tina sela-sela balébat. “Jungjunan, badé dugi ka iraha?” pokna. Rumpuyuk, nyuuh. Lalaki kuru tibang ruménghap.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya