Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Luway-liweyna Lambey Nu Geulis

Selasa, 28 Januari 2014

HIJI isuk di Tatar Pantura.
“Aaaéh. Bocah ku ya. Sira kulayapar dijulayaken keboé tuh! Iku deleng gudélé ngaprak ning sawah uwong ika!”
“Iya Mbok, klalén kulaku” Baridin kuliat.
“Angger baé... Sira mah nya?”
“Mungkin sekedap Mbok, arep enggiring-giring gudél bari dandané dadung!”
“Iya...” tembal Mbok Wangsih, emana.
“Cuuu!”
“Kunapa Mbok” témbal Baridin
“Gawéné ngendi Sira Cu?”
“Ning sawah Bunawas. Pamit Mbok, pangdongané baé!”
“Iya Cuuu, ati-ati!”
Jung Baridin lumaku. Basa ngaliwatan pasar rametuk. Paadu teuteup jeung Suratminah. Béntang lembur nu geulis kawanti-wanti anaké wong sugih, nu keur dihareureuyan jajaka. Cuwal-cawél ning wong wadon.
“Mang amit, arep takon sawahé Bunawas. Ning ngendi ya Mang?” ceuk Baridin ngagarewahkeun. Dituduhkeun.
Balik ti sawah. Bébéja ka Mbok Wangsih hayang ngalamar Suratminah. Éra-éra gé dilakonan. Ditampik sapajodogan samalah Mbok Wangsih dihina, dianggap baramaén. Mangnyerikeun nu jadi indung, Baridin nékad tirakat. Ngamuhit Jaran Guyang. Suratminah kaembat. Kabungbulengan nepi ka édanna, tuluy nuturkeun Baridin ka kalanggengan.*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya