Palawan
LIMA taun kalarung. Haliber. Pulas bodas. Kadang eunteup 'na kikisik. Basisir jadi kacampur pulasna.
Tatangkalan nu méré iiuh, ngalangkang. Matapoé mimiti lingsir.
Léngkah nu nunutur unggal gérak manéhna, teu manggih leuseuh. Aya ubar dina kecap jeung rindatna. Betah. Betah pisan. Lir migeugeut kareueutna peueut.
"Kang...taun payun mun ka dieu deui, hoyong nuju purnama. Ngarah éndah pami dipotona."
Ah, anjeun mah teu kudu nunggu purnama sagala, Nung. Sarwaning kaéndahan apan aya dina éta soca.
Gerentes nu ampir unggal waktu kakecapkeun.
"Atanapi, nuju usum hujan. Abdi hoyong ditangkeup pageuh ku akang dina baseuhna. Dina ciprukna."
Ah, anjeun mah teu béak amisna, Nung.
Ayeuna gé apan sakieu pageuhna ieu rangkulan.
Harita. Haliber. Pulas bodas. Ninggalkeun basisir. Dituturkeun ku teuteup anjeun.
"Soledad...it's a keeping for the lonely, since the day that you were gone. Why did you leave me...."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


