Sastra & Humor
Fikmin
Saeutik Patri
Rabu, 29 Januari 2014
"PÉRÉLÉK...!" Sora béas asup kana ruas awi. Naplok dina tihang panto dapur. Sapoé dua kali. Isuk soré.
Isah nyocéng dua séndok tina isikaneun nu ngan saléter. Iklas, euweuh nu maksa. Ku mayeng mah karasa jadi urat jadi daging. Nyeri mun teu bisa ngeusi marengan beuteung nu kukurubukan. Aya nu nagih, lain batur.
"Isukan urang tambalan!" Kereteg Isah basa nénjo ruas ditonggéngkeun ku Enjum, teu méré eusi.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


