Nya Ti Manéhna
BEUKI teu daék reup. Gulinggasahan. Turug-turug nu kérék di sagigireun beuki tarik. Nyegrék. Kuniang hudang, kawaranan dirérét. Rahuh. Rahuh, bangun nu ripuh. Padahal asa cikénéh, cenah nyeri sirah, teu ngareunah awak, malah perkara haté mah, geus teu kudu dicaritakeun. Klasik. Masih nongtoréng. Ah! Piraku? Apan cenah tadi gé rék istirah, rék ngareureuhkeun kacapé. Rét deui, nu dirérét beuki nyegrék. Rahuh. Rahuh, bangun nu ripuh. Janari leutik. Kulisik, manéhna ngulisik. Boa ngagilirkeun kanyeri! Atawa.....? Gerentes téh. Teu lila. Nyah panonna beunta, tuluy gigisik. Neuteup ka kuring. "Can peureum? Nyileuk deui nya?" Kuring kalah ngahuleng. Hémeng, antara siga jeung enya. Antara asa jeung mémang. Mémang ngan dina waktu keur saré, kuring jeung manéhna ngarasa enya jadi jalma nu merdéka.*
Arom Hidayat - kisuta.com


