Imah Cadangan
GEDONG sigrong sarupa kurung. Ngukut ngungun pangeusina. Kabébasan satengah dibérok. Loba panyarék. Dalit jeung muyung. Tamaha. Kabongroy hirup senang, ngarasula ku panasiban. Poé ka poé ukur dibaturan sopa nu ngabigeu. Pangsaréan nu caméot. Paparabotan nu ngabetem. Saban léngkah tepung jeung simpé. Rumahuh midangdam unggal waktu. Guligah ngasuh kasono unggal usik. Matak bosen mapalérkeunana. Lila-lila ngabaalan rasa. Megeg kahayang. Jorojoy, aya kaduhung.
Itungan tanggal geus aya di panungtung bulan. Tanggal nu sok biasana didadago, diboro, dibagéakeun. Mangsa éndah di mana kabagjaan dipimilik. Lalayaran paduduaan dina sagara katresna, mudalkeun kasono nu lila dirasa. Mipit amisna birahi. Seubeuh ditangkeup pageuh kanyaah.
Tapi, teu keur mangsa ayeuna. Pidatangeunana teu ngirimkeun deui ketug nu baris jadi pangusir rumahuh, guligah. Ngupahan kasono nu minuhan dadana. Bongan, mindeng méngpar tina harepan. Ukur datang iber. Matak kuciwa. “Wayahna, bulan ieu mah Akang teu bisa nganjang. Rariweuh urusan di imah jeung kantor.”*
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


