Tetenger Kakemba
GIRIMIS. Ngeprul. Katumbiri melengkung luhureun Pasir Ipis. Humiliwir angin nganteurkeun seungitna pucuk camara. Lebah dieu sawatara waktu ka tukang. Anjeun kungsi balaka bari sumegruk dina lahunan. "Nyeri Kang. Ieu haté nyerina liwat saking". Ceuk anjeun harita. Kuring ngabigeu. "Teu rido mun abdi kudu jadi pamajikanana". Segruk deui. Lahunan juuh. Cimata anjeun ibarat ruruhit panah. Nanceb dina raraheut manah.
Kuring lunta. Ngahaja. Teu wasa mun nempo anjeun jadi nu lian. Sataun ti harita. Aya béja. Cenah anjeun geus luluasan. Teu percaya. Asa piraku teuing.
Di dieu. Di Pasir Ipis. Handapeun linduh camara. Enya. Anjeun geus jadi nu lian. Dada raca. Rumasa kuring sulaya. Teu wasa ngukuhan carita. Lamun seug bisa mulangkeun mangsa. Kuring moal deui lunta. Moal aya kembang samoja. Teu kudu aya tetenger kakemba. Palias ragrag cimata. Hampura, panutan.*
Ruhak Pajajaran - kisuta.com


