Nu Karampog Haténa
BAH Téléng katelahna. Éta dumeh panonna téléng. Ngaranna mah Bah Wira. Rampog kahot nu telenges. Umur geus cueut ka hareup, teu daék insap. Barangasan, sahaok kadua gaplok. Hésé ditéwakna. Sanajan ditingker ku jelema sakampung, Bah Téléng bisa lolos, teu katéwak. Bah Téléng boga ajian belut putih, cenah.
Halodo entak-entakan. Sawah teu bisa dipelakan. Di kebon, bungbuahan teu baruahan. Masarakat kalaparan, teu bisa barang dahar.
“Peuting ieu mah rék usaha ka imah Mama Sastra, pasti loba rejekina, da manéhna mah jelema jegud.” Kitu gerentes Bah Wira. Janari leutik geus abus ka bumina Mama Sastra. Dikotéktak, euweuh barang nu mahal, kalah ka kitab kuning anu loba téh. “Bah, kuring mah teu boga nanaon, jung tuh geura dahar heula, meungpeung haneut kénéh.” Mama Sastra aya di tukang, euweuh kasieun. “Bérés dahar mah, geura wudu. Solat sunat wé dua rakaat.” Bah Téléng ngudupruk, ceurik euih-euihan siga budak leutik.*
Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


