Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Overpopulasi

Selasa, 4 Februari 2014

“NA rék iraha deui? Kudu disalametkeun, ayeuna!” Ceuk Kaisar Orion Cygnus.
Ciweuh. Pasukan siaga di unggal juru galaksi. Nu séjén ngerid sakabéh rayat ka alun-alun. Teu kolot teu budak, pagegelek. Jep, waktu Kaisar pidato. “Wayahna, sabagéan kudu pindah ka Bumi. Keur gelombang kahiji, maranéh nu karolot heula, nu umurna geus dua puluh juta taun! Tong nolak, bisi dibabuk!”
Tingkocéak. Papisah jeung anak-anakna. Rébuan wahana ngakut penduduk Orion Cygnus ka Bumi, anggang lima puluh rébu taun cahaya. Beuki dieu lahan di Bumi ngaheureutan. Sumber cai ngorotan. Katambah deui kiriman gelombang satuluyna, saban dua puluh juta taun sakali. Bumi bet karasa leutik. Dahareun béak. Papada penduduk silihakan. Tepi ka kokotorna sorangan gé dilebok. Antukna, nu jadi pangeusi Bumi musna. Eusi Bumi ledis.
Di Orion Cygnus. Nincak ka taun samilyar. “Tah, ari kieu mah pan genah. Tumaninah. Stok dahareun meuweuh, ogé lahan ngalegaan. Stabilitas ékonomi mantap, saréhat!” Pok Kaisar. Dihaminan ku mentri-mentrina.*

Rameli Agam - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya