Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Esai

Merangan Plagiarisme

Rabu, 5 Februari 2014

DINA dunya tulis-tinulis geus remen disebut istilah plagiarisme atawa néplak tulisan batur. Anapon ceuk KBBI mah, nu disebut plagiarisme téh, “Penjiplakan yang melanggar hak cipta.” Sedeng plagiat nu méh saharti jeung plagiarisme nya éta, “Pengambilan karangan (pendapat dsb.) orang lain dan menjadikannya seolah-olah karangan (pendapat dsb.) sendiri, misalnya menerbitkan karya tulis orang lain atas nama dirinya sendiri; jiplakan.”

Aya sababaraha kajadian anu ngageunjleungkeun patali jeung plagiarisme di lemah cai. Dina bulan Mei 2013 dua dosén Unpad disangka néplak tésis mahasiswana, Helen Ryanita Nainggolan pikeun buku nu judulna Cybernotary. Lian ti geus néplak, maranéhna ogé ngirimkeun téror ka Helen ngaliwatan SMS. Ieu kasus dilaporkeun ka Polda Jabar, ogé ditalungtik di Unpad. Sok sanajan hasil sidang komite etik Fakultas Hukum Unpad nétélakeun lain plagiat, ukur salah ngutip, (www.tempo.co). Tapi, labél plagiat saolah geus napel ka éta dosén.

Maret 2012 tilu dosén UPI disangka ngalakukeun plagiat dina karya nu diajukeun ka Ditjen Dikti salaku salasahiji syarat pikeun nyangking kalungguhan guru besar. Méh teu aya raatna, dina dunya maya, ahir Juli 2013 kapanggih kasus plagiat nu dilakukeun ku Acep Hermawan, dosén di salasahiji PTS di Jabar. Manéhna geus néplak carpon "Bulan Wanci Sareupna" nu dimuat dina Manglé No. 1788 tanggal 30 Novémber 2000 karangan Dadan Sutisna. Ieu carpon midang dina Tribun Jabar édisi 17, 18, 19 April 2012. Judulna diganti jadi “Hayang Balik Deui”, sababaraha paragraf dipotong jeung sababaraha ngaran tokohna diganti.

Kajadian ieu kapanggih waktu Dadan Sutisna keur ngayakeun dokuméntasi karya sastra Sunda nu aya dina database. Sabada dibacaan, ana goréhél téh kapanggih yén karya inyana geus ditéplak ku nu séjén dina dangka waktu 12 taun sanggeus dipidangkeun munggaran.

Lamun urang nyawang ngeunaan plagiarisme dina dunya atikan, leuwih hadé saupama teu ningali salaku hiji pasualan personal. Tapi, salaku hiji pasualan kompléks nepi kamampuh ngurangan nepi ka miceun budaya plagiarisme nu dilakukeun sacara kompréhénsif. Réa apan kasalahan dina karya tulis nu kaasup kana plagiarisme, tapi teu dikoréksi, nepi ka saolah kasalahan turun-timurun.

Nalika nulis kudu dibiasakeun nyieun karya nu orisinil, lain ngan saukur kumpulan kutipan karya nu sején. Tah hal ieu bisa dibaladah ti dunya atikan, utamana di tingkat paguron luhur anu réa ngahasilkeun karya tulis, misalna makalah, paper, skripsi, tésis, jeung disértasi.

Patali jeung nulis, aya nu disebut prosés kréatif, nya éta runtuyan kagiatan nu kaalaman nepi ka ngawujud hiji wanda tulisan salaku karya manéhna. Tah, pikeun saurang panulis mah prosés kréatif téh kacida penting. Sabab ngasah manéhna pikeun ngahasilkeun karya nu pinunjul. Prosés kréatif ieu teu kaalaman ku saurang plagiator sabab ngan saukur mindahkeun tulisan batur tur diaku karya sorangan.

Plagiarisme lian ti geus maok karya batur, satemenna maéhan kréatifitas plagiatorna sorangan. Saurang plagiator teu bisa ngahasilkeun tulisan nu jadi pamikiranana. Manéhna ngabohongan dirina jeung pamaca karyana.

Hukuman pikeun plagiator nu kapanggih mémang geus aya sarta teu bisa manggapulia dilarapkeun ka manéhna, boh sacara sosial atawa administratif. Jadi cukur batur saréréa nu mangrupa aéb ngérakeun diri pribadi. Lian ti kitu bisa waé di-blacklist tina dunya kapanulisan ku para rédaktur nepi ka mareuman éksisténsina dina nulis. Atawa patali jeung kalungguhanana dina hiji institusi, boh diturunkeun atawa sanksi séjénna.

Réa hal nu jadi cukang lantaran saurang jalma jadi saurang plagiator, misalna nohonan pancén akademik, popularitas, matéri, nepi ka hayang nyangking hiji kalungguhan. Antukna apan jadi wirang di kolong catang saupama katohyan.

Kamajuan téhnologi ku ayana komputer jeung Internét ngagampangkeun copypaste. Kari ngajomantara di dunya maya, gampang néangan sumber. Ku nu méntalna ”cémén” mah tinggal néplak. Padahal téhnologi téh pikeun mantuan manusa, lain jang ngajadikeun dirina babadog badis rampog nu ngan saukur bisa maok karya batur.

Pikeun merangan plagiarisme, penting nancebkeun ajén kajujuran dina diri pribadi. Ngahasilkeun karya hasil itikurih sorangan. Pikeun jadi saurang panulis kudu ngasah kamampuh unggal waktu, lain hayang untung ku énténg néplak karya batur.

Nancebkeun ajén kajujuran perlu dilakukeun di unggal tahap atikan, di mana waé, jeung pikeun naon waé. Kaasup nulis boh nu pondok atawa nu panjang. Misalna, nu panggampangna nalika nyieun status atawa tweets dina ramat sosial. Leuwih hadé saupama urang nyantumkeun sumberna saupama lain asli tulisan sorangan.

Ogé perlu ayana sanksi nu leuwih teges, keuna, jeung leuwih neunggeul boh ti masyarakat salaku sanksi sosial boh ti pihak nu ngabogaan wewenang. Salila ieu, di Indonesia mah kasus plagiarisme téh teu cara di luar negeri nu nepi ka aya nu dicabut gelar atawa hal nu kacida ékstrim séjénna. Di urang mah pan cukup jadi kacapangan saheulaanan bari sanksina teu sabaraha.* Reni Nurhayati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya