Reuwas
MATAPOÉ karék némbongan. Hiur angin masih nyésakeun hiliwir nu tiis.
Kuring nangtung lebah jandéla. Neuteup langit nu mimiti cangra.
Aya seungit nu maturan basa manéhna kaluar ti cai. "Nganggo shampo naon, Néng? Meni ngahudang rasa," ceuk kuring bari neuteup awakna nu ngan katutup ku anduk leutik. "Nu biasa wé, A. Pan Aa gé sok nganggo." manéhna mairan bari muka lomari tempat neundeun pakéan. "Asa bénten. Seungit pisan, Néng."
"Ah...pangambung Aa-na wé nuju ogo," ngajawabna bari seuri. Geulis. Seungit deuih.
Najan betah kénéh neuteup manéhna nu keur disalin. Kuring ngaléos ka cai. Mandi. Tuluy dangdan alakadarna.
"Néng...Aa ka kantor heula." leungeun disolongkrongkeun. Manéhna nyium leungeun, nyium biwir. Tuluy ngarangkul bari ngaharéwos "Ati-ati di jalan, nya A!" celengok deui nyium.
Kuring miang. Dibaturan ku teuteupna. Teuteup nu mangtaun-taun euweuh robahna. Teuteup satia.
Nepi ka kantor. Kuring reuwas. Hapé tinggaleun di imah. Mangkaning Pésbuk can di Log out. Aya Inbox nu sieun kapanggih ku manéhna. Kesang tiis ngadadak ngagarajag.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


