Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Buku Pardi

Kamis, 6 Februari 2014

BUKU rekening diteuteup dibulak-balik. Ngarasa hookeun, ningali angka enolna ngéntép bérés aya kana dualasna. Pardi ngumbar lamunan. Taun-taun hirup jujur. Biasana mah eusina ukur wilangan ratusan réwu. Kakara ayeuna meunang transperan sakitu lobana.
Buku dikeukeuweuk, pageuh. “Pulangkeun kitu?” pikirna guntreng, aya rasa lebar. “Teu dosa meureun, da uingah teu ménta.” Panon manco ka jalan lowong. Ngabulungbung lir haténa nu kebek kabungah. “Lebar…! Lumayan keur mangmeulikeun imah nu pantes keur kulawarga. Mudah-mudahan jadi pahala!” Motor nyemprung ka wétankeun, muru ka bank. Panonpoé karék rumangsang basa anjing hideung meuntas jalan. Pardi reuwas. Motor dipéngparkeun ka katuhu. Séak…! Jelebét! Les…! Poék.
“Hudang satéh…!” hiji sora nontoréng. Pardi ngoréjat. Nu dipikainget iwal ti buku rekening bank. Panon gular-giler nénéangan. “Néangan ieu anjeun téh?” ceuk sora tan katingal. Sor, aya leungeun kénca nyodorkeun buku. Pardi geuwat nampanan. Bray dibuka. Paroman marahmay dumadak ceudeum. Goak manéhna ceurik. Sorana ngalanglaung. Lapat-lapat pucuk seuneu sarurak jeroeun jungkrang. Burahay!*

Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya