Katambias (3)
“PURNAMA nu kungsi leungit, ayeuna nganjang ka buruan deui….” Lalaki kuru gumalindeng. Tatanggahan. Mapay-mapay léngkah mangsa. Ngotéktak cahaya bulan bari ngajijingjing kingkin nu karahaan. Ti taun ka taun. Ti purnama ka purnama. Reg, lebah mumunggang. Beungeutna beuki haropak. Tingarudat kahanjakal jadi céda-céda héwa. “Antéh… dagoan!” pokna basa kalong kumalayang ngaringkangan.
“Anu kungsi kapiati kiwari urang ditepangkeun deui….” Lalaki kuru ngajegoh batuk. Peureup neueul kana igana nu ragas. Ramo-ramona mingkin pageuh ngeukeuweuk samoja garing, meunang metik tina huluwotan tresna. Beuki pageuh muntangan rasa nu satia ngingitung waktu. Panonna hurung nyuay-nyuay udat méga. Komolébat deui mamanis imut jungjunan. “Anteh…!” Sorana beuki haroshos.
“Hariring nu kungsi nyanding, ayeuna datang ngahaleuang deui….” Purnama angger rambisak. Ngintip, ngungun tina satukangeun rérégan méga. Rémpan ringrang ku nu teu weleh humariring. Lalaki kuru nangtungna mancuh. Sirahna dangah. Leungeunna ranggah. Panonna beuki burahay hayang ngarunjang jungjunan nu calik dina balé-balé bulan. Cungungung. Ngalanglaung, niruk peuting. Reup, purnama peureum.*
Nana Sukmana - kisuta.com


