Nu Nyampeurkeun
KEUR diuk bari nyerangkeun barudak nu arulin di buruan. Pikiranana ngacacang. "Iraha boga turunan? Geus welasna taun rumah-tangga, teu burung-burung acan. Dipariksa ka dokter kandungan, kuring jeung Kang Jamil cenah normal," gerentes haté Inong.
Keur anteng ngalamun, kurumuy wanoja. Geulis, jangkung leutik, buuk lempeng tur meles dirumbaykeun semet cangkéng. Manéhna uluk salam. Inong ngajawab. Gék digigireunana. "Nepangkeun, abdi Wati. Bapa teu acan mulih?" pokna bari séséréngéhan. Meg! Haté Inong asa aya nu nonjok. "Teu acan, rupina sakedap deui, aya naon kitu Néng?" ceuk Inong neger-neger manéh. "Badé...," teu kembat nyaritana, kaburu norojol mantén Jamil. Teu nolih ka Inong, Wati ngagabrug ka Jamil. "Nanaonan ieu téh?" ceuk Jamil. Inong kahuru napsu terus ngarontok Wati, buukna digunyeng. Teu sawatara lila, aya Pa Kosim nyampeurkeun. "Wati..., balik! Punten Ibu kalih Pa Jamil, ieu pun alo nuju titirah di abdi," ceuk Pa Kosim bari ngantelkeun curuk kana tarangna.*
Eni Setiani - kisuta.com


