Surat
“MIH, hampura Apih can bisa nepungan. Ma’lum keur sibuk. Kapan rék meunang méga proyék téa ngawangun kawasan industri. Apih keur meulian lahan, terus dijual deui kalawan harga nikel. Bari ténderna bakal beunang deui. Jadi, untung téh ti ditu ti dieu. Tenang, hutang ka bank urut modal nu 2 M téa, bakal kabayar. Kitu deui imah urang, villa, asét perusahaan, mobil, jeung perhiasan Mamih bakal katebus. Ké hayang perhiasan nu kumaha? Hayang shoping ka mana? Béaya kuliah barudak gé kacumponan. Sono mah nataku, tapi kapan téréh nawu hasil. Wayahna, mihapé barudak...” Ukur wasa samét dinya. Maca surat ti salakina. Beueus miheulaan kedal. Tujulna. Ngan dijugjugan ku lamunan. Poé-poé jeung kasimpé. Ngarungga dina haté. Gap. Sacewir keretas. Trét. Nulis balesan. “Pih, Mamih nu nyungkeun dihapunten mah. Tos tilu sasih can tiasa ngalongok ka RSJ...” Deui-deui kandeg. Keretas nungtut cipruk. “Honey, hayu tos wengi...” Gigireun. Rangkulan lalaki. Beuki pageuh metot kana jero simbut.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


