Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bayu Panglumpuh

Minggu, 9 Februari 2014

KECLAK cihujan mimiti tingburicak ninggang kekebul aspal. Aya tilu keclak nu milepas meupeuh taktakna. Keclak nu badag kacida. Matak linu katingalna. Najan nu boga hadasna mah boa teu kukumaha. Tonggoy luhureun mio-na. Sabada bieu paamprok teuteup dina spion. Tilu detik nu rohaka. Numatak gas motor ogé rada dianggeran. Teu hayang ieuh miheulaan. Asa ku lebar temenan. Basa girimis mimiti ngerepan, nu ngait dina taktakna beuki ngelemeng. Ieu haté beuki katalimbeng.
Unggal émpér béngkél. Unggal warung nu ditiung. Kabéh dilarung. Na rék di mana atuh ngiuhanana. Sakieu angin ngagelebugna. Sugan hayangeun ngiuhan handapeun tangkal Johar, atawa engké hareupeun pasar. Létah jeung biwir geus jigrah, ngagugulung kekecapan nu baris kedal.
Gilek. Motorna méngpar. Bus, ka hiji balandongan. Nu euweuh motor hiji-hiji acan. Rinéh ayeuna mah. Mangsana tumiba. Wawanohan kalayan daria.
Awor jeung séahna angin nu ngararad suhunan.
“Di lebet atuh. Di luar mah bilih kabulusan,” manéhna dumadak soméah. Bari mukakeun panto imah.*

Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya