Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cangkir Batok

Senin, 10 Februari 2014

KATARAJANG setruk. Nahun. Haténa mah teu méréan nyiruruk di nu jadi anak téh. Ngalempréh di kamar tukang, deukeut dapur. Ngan Si Ujang nu haateun. Purah ngahuapan.
Pasosoré ngalangeu. Panonna beueus. Da éta beungeut kuraweud minantuna teu weléh nanceb dina angenna. Remen meupeuskeun gelas. Da teu dihaja! Asa dosa ka Si Ujang. Dipahala ku indungna, dicarékan béak beresih. Pédah salah mikeun gelas. Cenah gelas mahal, meunang arisan. Barang keur kitu. Ujang norojol. Leungeun Si Nini dirawu, dicium. Bungaheun pisan. Asa kaubaran.
“Ni, antosan heula, nya! Tah, badé ngadamel ieu,” pokna. Bari némbongkeun batok tina kantongna. Léos ka pipir. Ngadeluk ngerokan batok. Teu kungsi lilia, torojol indungna. Balik ti pangajian. Ngalangéor. Jilbab ménor. “Ujaaang! Keur nanaonan éta téh?!” Semu nyentak. Ujang geuwat nyampeurkeun, bari ngasongkeun cangkir batok beunangna. “Alaaah! Bisaan, meni alus kieu! Keur Si Nini?!” Ujang kalah tungkul. “Sanés, hadiah kanggo Mamah, bilih jaga tos sepuh...,” témbalna.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya