Aweu Aweu
WARUNG Bi Alsah. Dina bangku panjang, nu tengah-tengahna nyarandé kana tangkal jambu batu, tilu lalaki umur opat puluh taunan, keur uplek ngobrolkeun Ajengan Suhro nu kabéjakeun nyandung deui.
"Aya ku babari pisan, nya. Uing mah hiji gé can manggih kalangkang-kalangkangna acan." Babaturanana nu dua deui ngadon seuseurian. Nepika cirambay sagala.
"Éta atuda manéh mah, ari kawin hayang, tapi bobogaan tara kacaian...." Sareuri beuki tarik. Akey-akeyan, bangun euweuh kasusah.
"Tapi, ari Mama Ajengan mah pantes rék ngawayuh ogé. Silaing tangtu inget kénéh basa aya ustad ti kota nu ceramah. Cenah, nu pantes nyandung téh ngan opat golongan. Raja, Ilmuwan, nu beunghar jeung nu gélo. Ari ilaing apan teu kaasup tilu golongan nu mimiti. Rék maksakeun waé asup golongan nu kaopat?" Sareuri deui beuki tarik.
Gap kana goréng pisang. Regot kopi hideung.
"Uing tiheula euy. Aya bisnis heula," ceuk nu bujangan téa. Rét ka Bi Alsah. "Bi...kopi jeung pisang tilu. Tuliskeun wé. Engké mun geus hasil, dilunasan."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


