Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ma, Tarasi Tutung

Sabtu, 15 Februari 2014

MA, tarasi tutung! Keun, urang balikeun. Ma, Si Yanti pundung! Keun, urang kawinkeun, ka Siiii.... ha ha
Tuuuh...Maaa...! Da Si Aa-na baong! Moyokan waé...!
Jeblug panto. Goréntel. Auk-aukan bari gogoléran. Samak pandan dirangsadan. Bantal lépét kapukna awur-awuran. Kokosodan. Ceurik teu mahi sakeudeung. Nepi ka eueuriheun. Horéam ngasuh, mending ngélég. Sina ceurik. Mun ceurik pasti néangan indung. Pastina gé terus saré balas capé. Aya kasempetan keur ngejat. Da uing gé hayang ulin siga batur. Heueuh, ngan saukur kahayang! Geus nasib uing. Ulin kudu ditutur-tutur ku adi.
Orokaya, ceurikna bét katutuluyan. Hésé diupah-apéh. Keukeuh hayang ka indung. “Baku sia mah Sujang. Ngélég kamalinaan! Jung, anteur kadituh!” Ma nini ukur ngalimba.
Durugdug lumpat bari ngagandong. Béak napas lebah nanjak. Ceurikna mingkin laun. Késang uing ngahiji eujeung cimata. Alak-ilik. Tuh geuning, handapeun tangkal kiara indung uing keur ngiuhan. Disimbutan dangdaunan, dipapaés kekembangan. Bréh, ngaranna kabaca.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya