Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Katambias (4)

Minggu, 16 Februari 2014

LALAKI kuru. Panonna celong. Teuteupna jauh ka langit. Nyingkab-nyingkabkeun rérégan méga. Geter ketir gumeleter ‘na renghik suling. Melas-melis, ngabangingik, meulah peuting. Nyipta-nyipta hiji jirim. Nu geus heubeul digurat ku mangsi getih, dina saban urat bayahna. Galura tresna nu tingarumpal ‘na dadana, kalan-kalan dibedahkeun ‘na hariring: “Tumpak korsél meuweung seureuh, bebegig taya leungeunan. Haté montél moal reureuh, gilig micinta Jungjunan.”
Lalaki kuru. Pononna celong. Haririrngna ngajamparing, lir ajag manting. Hawar-hawar aya sora ti anggangna. Sada di luhur, sada di handap. Lila-lila bet ngaweuhan, minuhan lolongkrang jagat: “Gentong ditumpangan sisir, diialungkeun kana rakit. Entong teuing jadi pikir, da kalah jadi kasakit.”
Lalaki kuru. Panonna celong. Ceuli rancung kana sora. Ukur ngarénghap meueusan. Teup, ka bulan ngungun. Peurih. Bohak dina tungtung lelembutanana sumeuit deui. Huleng, ngahuhuleng. Tuluy ngaheruk. Lalaunan manéhna cengkat. Awak kuru rumanggieung. Léngkahna lir digugusur. “Saninten di parapatan, Antéh...!” gerendengna. Suling pageuh dikeukeuweuk. Nongtoyod muru balébat.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya