Léngkah
MANÉHNA. Terus ngaléngkah. Dina rénghap hujan. Dina hégak katiga. Ti bugang ka bugang. Congo bedil. Sésa cimata. Rurujad ingetan. Rarangsak pakéan. Jeung kembang dina ranggeuman. “Merdéka...!” teu kendat ngahormat. Saban tepung jeung kélébét bandéra. “Sia lain tetengger perjoangan! Sia biluk ka Nipon! Pamajikan aing digadabah!” Hareupeun patung. Sorana haroshos. Ngaléngkah deui. Ngagugusur tatu. Mapay-mapay gumuruh dayeuh. “Nipon haramjadah! Sia geus ngagasab banda balaréa! Anjing, siah!” Hareupeun réstoran seafood. Beuki haroshos. Ngaléngkah deui. Beuki anggang. “Hampura, poe ieu nyekar téh kaburitan. Sing tibra Ki Sobat...” Di parapatan. Ngawurkeun kembang tina ranggeuman. Tilu poé ti harita. Dina hunyudan runtah. Manéhna. Tinggal bugang.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


