Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Enun Paéh Nyanghareupan Gin

Minggu, 23 Februari 2014

JANG Enun. Geus ti kudratna. Pireu torék. Nyorang hirup dina combrék. Dikukut ku Mama ti leutik kénéh. Budak téh aya ku soléh. Dipikanyaah teu diwilah-wilah, teu burung nalipak manéh. Sapantaran Nyimas Gina. Kakoncara lasmi juwita. Putra Mama nu pangleutikna. Batur ulin bangun nu layeut kacida.
Mangsana mangkat rumaja, dumadakan. Kekembangan tingkuniang lebah dadana. Taman rusiah laju ngampar hamo kasingray. Rék kumaha balakana? Bongan ras kana wiwitan. Saha bujang saha dunungan. Teu kumawasa. Bati nyidem keketeg rasa.
Angot kamari. Basa rombongan jebul ti Leuwisari. Seja nyangcang Nyimas Gina. Ku lilipén pameungkeutna. Teu kaampeuh. Aya nu beuki atra. Tingborélak ngamalir tina panonna.*

Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya