Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tanda Beureum

Senin, 24 Februari 2014

PADUDUAAN di tempat nu nang ngabadamikeun. Nyingkur. Tepang rerencepan. Muka tabungan kangen nu lawas dipendem. Disidem.
“Nuhun tos ngersakeun tepang.” ngadilak ogo.
“Samulihna nuhun pisan tos kersa rurumpaheun nedunan pangulem abdi.” cékéng halon.
Sajongjongan taya nu nyarita. Jarongjon neuleuman haténa séwang-séwangan. Hingga dina hiji kasempetan. Treup paadu teueteup. Jelegur galura jeroeun dada motah. Ngabedahkeun wiwaha. Dimimitian pataréma réma laju silihjajapkeun rasa babarengan nyungsi puncakna.
Gurubug. Koréjat. Reuwas kareureuhnakeun basa sadar geus katambias. Rusuh bébérés. Mérésan nu arucutan.
“Tos Nyi tong nangis baé, moal aya nu terangeun ieuh,” ngupahan
“Sumuhun Ang. Mung tangtos hiji waktos bakal kauninga.”
“Naha?”
“Tanda ieu nu bakal ngawawarkeunana.” bari nunjukkeun lebah tempatna. Kuring olohok mata simeuteun. Teu nyangka bakal kitu jadina, padahal ukur teu pira. Tapi jadi tapak lacak nu hésé dipupusna.*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya