Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Basajan 18

Selasa, 25 Februari 2014

TEUING iraha nu pangahirna. Ngan nu pasti, ti saprak Pa Harto diistrénan jadi Présidén, Ajengan Suhro can pernah nincak deui taneuh dayeuh. Malahan basa mimiti didahupkeun ka Ceu Haji taun 75an, diajak balanja keur parabot imah, kaasup balanja naon waé ogé angger wé gideug. Pajarkeun téh ngahargaan ka nu jadi bapana. Nu banget migeugeut ka Bung Karno.
Ari ayeuna, umur geus 70 taun leuwih, kapaksa kudu indit ka dayeuh. Sabab si bungsu kudu dioperasi césar. Sajajalan teu eureun istighfar. Unggal aya nu maké erok mini, astaghfirulloh! Unggal aya wanoja nu kaosna lahak, astaghfirulloh!
"Nyi Haji...engké mah mun rék balanja deui. Mama milu. Sugan wé aya nu ngajual bako rada ngeunah di dayeuh mah."*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya