Sastra & Humor
Fikmin
Jaladri Nu Seah
Rabu, 26 Februari 2014
DINA seahna jaladri. Aya aweuhan kadeudeuh nu ngalanglaung. Noelan sapasang jajantung. Jeung ketugna. Nu rumegag di basisir kabingung. Seahna jaladri. Awor jeung seor angin kainggis. Ngangkleungkeun angen-angen. Ka tengahing umpalan karisi.
“Seahna jaladri lain sausumeun,” ceuk Chandra. “Rea keneh kikisik nu can kasimbeuh. Loba keneh karang nu can kakeueum. Panjang keneh jaman nu can kaambah.”
“Enya,” walon Thara. Halon. “Panonpoe ge kawas nu taya kacape, geuning. Netean wanci. Ngudag-ngudag bangkarak mangsa. Nu nyangheuy di tungtung kulon.”
Layung. Mayungan dua jajantung. Nu sarua ratugna. Satutas rengse meruhkeun dodoja. “Jaladri teh kapan nu urang, Thara. Seahna sakamalir jeung ketug jajantung.”*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


