Rencep Gunem
TI dituna babarengan. Layeut. Lir gula jeung amisna. Pareng simpé sok guntreng. “Uing salila ieu satia ka manéh, pait peuheur gé diteureuy, da ngabélaan manéh,” pokna. Nu ditanya ngahuleng sajongjongan. “Enya rumasa, tapi sugan hiji waktu mah moal,” témbalna. “Awas, mun bohong! Uing jungkiringna nu teu weléh kateumbleuhan mah! Geus capé, ngaréngkak dititahan manéh téh!” pokna deui. Rada nyentak. Tapi siga nu rék sahinghingeun ceurik. “Aéh, aééh! Aing téh apan manéh, na bet ngarasula!”
”Nyao ah, nyana pikieun mah, najis babarengan jeung manéh.”
“Nya tenang wé atuh..., da mun aya nu ngalempengkeun mah, moal rék noyod waé,” ngajawabna semu leuleuy. “Mun kitu onaman, heug atuh urang babarengan deui,” duanana silih rangkul. Dina sarangkulan. Salila guntreng. Aya nu nyérangkeun. Duaan. Duanana silih teuteup, bari imut. Les. Ngiles.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


