Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Meni Kitu!

Kamis, 27 Februari 2014

AWAK harééng, sirah jangar. Hudang gé asa muter dunya téh.
Sakitu apal, salaki meni haré-haré. Boa pédah capé, boa keur
loba pikiran. Tapi angger haté mah rada medenghel. Naon héséna
nanya. Ukur nanya. Gering naon, atawa kumaha. Ih! meni henteu.
Kapeutingnakeun karék nyampeurkeun.
"Dikerok nya Mah?" Bari gék pipir risbang.
Kuring unggeuk. Maksakeun diuk. Baju dilaanan ku manéhna,
kakait béha dilésotkeun. Duit bénggol nu tiis, peureus ngagurat
awak. Imeut pisan.
Bérés ngerok, awak dibalur deui ku hénbodi. Dampal leungeunna
karasa nyasaran ka sakujur. Ti punduk, taktak, tonggong, béh
jangjang nepi ka cangkéng. Kadéngé haroshos. Kuring surti.
"Payunna Mah," pokna halon. Ngageter. Kuring malik. Nyarandé
kana bantal. Jempolna diteueulkeun kana dada. Ngurutan lalaunan.
Dipapay. Emh ! Panon peureum. Haroshos kadéngé beuki kerep.
Patarik-tarik jeung kuring.
"Mah..." ngaharéwos halon.
"Iya Pah..." sora kuring kadéngé ngageter.
"Anggo deui acukna." Jung nangtung, tuluy ngaléos kaluar kamar.
Ih meni kitu daaa!*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya