Nitis Di Lian Raga
BLUE Moon, Kania. Badis laguna. Lawas ti lawas, lemes réma nyaliksik deui. Hamo karanggeum cara baheula. Basa urang nécé tarajé, opat undak méméh babancong, nyérangkeun taman kadaton. Di dinya, di batu prasasti, tinulis pasini. Sedeng gosali peuntaseunana, tingkalengtrang mékprékan pakakas huma. Panuhun ka Sunan Ambu, pedang jeung kujang pakarang geus dilucutan, peperenian gudang pusaka.
Blue Moon, Kania. Basa urang nawang bulan, nu katiruk ku pucuk kawung, wétaneun alun-alun. Cangrana geuning tumetep, nepi kiwari, ngempur tukangeun tasma. Anteng. Neuteup majalah, mapay lambaranana. Nanghunjar. Dampal nu kiwari tara lésot ti sendal, sakitu gétékanana. Ras bihari. Geugeut panalékan pama salah teteguhan, ka nu jebul ti lebah péngkolan. Kari ayeuna, sagagang kembang luhureun sepré. Keur saha?
Bél disada. Anjeun giak muru pantona. “Wilujeng wengi.” Nu imut diilikan. Ti sapatu ka kudung jas hujanna. Moal leungiteun ambeuna: Suntenjaya! Ngahuru timburu. Najan teu walakaya, Kania. Bongan kami. Saukur ucing hideung tanpa ngaran. Nu karék kamari diampihan.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


