Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pélét Ngoléséd

Jumat, 28 Februari 2014

BU Idoh guru anyar, sémok jasa. Tébé muridna ngakalan, parat 33 poé ngamalan ngarébu kali. Laju ngagedig muru imahna. Deuk mungkas babacaan. Srog, gebeg. Di pipir, sing darungkuk babaturanana, keur karunyam-kunyem, mapatkeun amalan ogé. Kagét, tapi kagol ku paniatan nu geus dilakonan. Lajuna mah teu burung tamat ogénan amalan pamungkas didawamkeun.
Isukna, teu sabar hayang geuraan sakola, deuk ngabuktikeun ladang sabulan jasa. Leumpang harampang, ngaliwatan rohangan guru, laun. Maling-maling paneuleu ka rohangan. Bu Idoh euweuh. Cokor ngabeuratan. Di kelas hampos. Kuciwa taya hinggana.
Palajaran ka-hiji, Bu Idoh teu abus. Semeg, pangorbanan sa-bulan punjul 3 téh lapur. Can karasa buahna. Téng, istirahat, ngacir ka ruang guru. Nyaan, nu dipuasaan, suwung.
Bubar sakola, nékad nyusul ka imahna. Kasampak keur dirariung ku batur-baturna, nu soré kamari karunyam-kunyem ogé. Haté doang dirérab, ngentab. Neuleu manéhna datang, Bu Idoh kalah maca amalan, persis nu 33 poé didawamkeun. ”Ulah kikituan dia céng!” cenah. Bagooor… Tébé ngoléséd.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya