Cinta
SAPEUPEUTING, uing betah nginget-nginget manéh, Kung. Inget ka ngaran manéh, Ferdian Gardella, padahal manéh ti lembur. Inget kana kalakuan manéh nu anéh. Manéh nu teu kasép. Cara manéh ngagombal. Tapi anéhna kembang di sataman haté uing sok laligar. Bulan teu némbongan. Béntang teuing di mana. Uing ayun-ayunan, handapeun katapang. Di jero imah angger raéng. Uing teu hayang apal. Nu uing apal, ku naon manéh harita bogoh ka uing. Pan ceuk batur gé lain babad lain tanding. Barang ku uing ditampik, manéh kalah ngajawab, "Simpen heula wé. Sugan ké katéang." Basa uing dihianat ku Si Agus, sarta uing nangkeup jeung ngagukguk dina taktak manéh, manéh nyarita bari rambisak, "Ulah wani-wani narima cinta urang, manéh keur labil." Leuh, geus kongkorongok hayam geuning. Sakeudeung deui manéh dikurebkeun. Uing bingbang kénéh, naha cinta manéh ku uing kudu ditarima?*
Darpan A Winangun - kisuta.com


